Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 06:53

"Sakaratul Maut" Pers Sunda

Ku Dhipa Galuh Purba

 

AYA deui saenyay harepan, ku dikaluarkeunana Peraturan Daérah (Perda) Kabudayaan Provinsi Jawa Barat Taun 2003. Pangpangna mah Perda Nomor 5 Taun 2003, ngeunaan ngarawat-ngaruwat basa, sastra jeung aksara daérah. Sok sanajan sosialisasi ngaliwatan buku anu ngamuat éta Perda téh kacida loba kasalahan citak, tapi muga baé henteu jadi alamat pigoréngeun dina raraga ngajalankeunana. Anggap waé kurang tulaténna dilantarankeun ku kaayaan basa, sastra, jeung aksara daérah anu rada darurat. Mémang ana dilenyepan mah kacida ironis-na, hiji buku anu ngamuat aturan ngeunaan basa, tapi basana kacida henteu luyu jeung aturan.

Gumelarna Perda Kabudayaan pisan, anu ngajurung lahirna ieu tulisan. Basajan baé ari eusina mah; lamun kahirupan basa Sunda geus pikaketireun, kawasna bakal kaleuleuwihi upama ngimpi hayang ngamajukeun sastra jeung aksara-na. Kawasna saréréa ogé geus pada apal, mun yén dina mangsa ayeuna, urang Sunda sorangan geus loba anu méh teu waranoheun kana Basa-na sorangan. Contona dina pakumbuhan hirup sapopoé, mindeng pisan manggihan urang Sunda anu ngarasa éra (baca: géngsi) atawa nu ngarasa éra lantaran sieun salah ngagunakeun basa Sunda. Demi alesanna tangtu klise deui baé; sieun salah nempatkeun kecap-kecapna. Pang kitu, lantaran dina Basa Sunda mah aya undak-usuk téa. Sieun disebut teu sopan, sieun dituding teu apal tata-krama, jeung kasieun-kasieun séjénna. Tangtuna lamun diantepkeun kaya kieu, sigana beuki lila, Basa Sunda bakal mingkin dipikasieun, anu antukna kapopohokeun, atawa ngahaja dipopohokeun.

Dumasar kana kaayaan siga kitu, taya salahna upama kiwari geus waktuna pikeun mikiran kumaha-kumahana nuntaskeun perkara undak-usuk Basa Sunda, anu geus mindeng jadi polemik ti jaman sawatara taun katukang tug nepi ka ayeuna. Undak-usuk Basa Sunda, hiji format warisan Mataram, anu ngajadikeun urang Sunda kabagi jadi sababaraha tingkatan status sosial; cacah pisan, cacah, rada ménak, ménak, ménak pisan, jsb. Écés pisan, kudu aya torobosan pikiran anyar pikeun ngaleyurkeun perkara undak-usuk Basa Sunda.

Nyarita basa, sastra, jeung aksara Sunda, tangtuna moal bisa leupas tina pers Sunda (baca : pers basa Sunda). Pang kitu, sabab Pers Sunda minangka pangeras anu mujarab pikeun ngamajukeun sastra Sunda. Hanjakal pisan, deui-deui nasib sastra Sunda kurang hadé, lantaran kiwari pers Sunda ukur bisa ngumbar panineungan; nyawang mangsa keur aya dina kajayaan, jeung siga anu teu sumanget mapag poé isukan. Pers Sunda kudu hirup di antara aweuhan pers nasional jeung dunya; di antara perang komunikasi nu beuki mahabu. Demi kasakit anu karandapanana, beuki parna, ngarumpuyuk teu walakaya di rohangan gawat darurat bari nganti-nganti mangsana ajal.

*

TAUN 2001, minangka taun bergéngsi keur urang Sunda. Aya dua hajat gedé anu digelar méh dina waktu anu bareng; Konfrensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I, bulan Agustus di Bandung jeung Kongrés Bahasa Sunda (KBS) VII bulan Nopémber di Garut. Tina rupaning tumpukan masalah kasundaan anu dipadungdengkeun, Pers Sunda milu némbrong, sok sanajak ukur jadi jejer anu kurang dipaliré. Dina KIBS I, Duduh Durahman anu ngasongkeun makalah ngeunaan ngolah Média Massa: Kasus Manglé, ukur diluuhan ku 20 urang, tina 500 pamilon KIBS. Pon kitu deui, basa Abdullah Mustappa ngadadarkeun makalah Pers Sunda Kumaha Boa dina KBS VII, nu milu aub téh teu leuwih ti 19 urang, bari jeung kalolobaanna mah ti golongan kolot.. Padungdengan ngeunaan Pers Sunda siga barang langka nu aya di hareupeun masarakat Sunda-na sorangan. Nasib Pers Sunda ukur jadi kahariwang sabagéan leutik urang Sunda, pangpangna mah ti generasi kolot, nu kungsi jeung leuwih ti heula icikibung dina Pers Sunda. Atawa pikeun maranéhna anu resep ngumbar panineungan. Méh saban taun, Majalah Mangle nurunkeun laporan kamekaran Pers Sunda ku cara ménta pamanggih sababaraha tokoh, boh ti pakar komunikasi atawa mantan jurnalis Sunda. Tapi tarékah éta, henteu kapetik hasilna, kaala buahna, sabab ukur malikan deui pikiran heubeul, bari taya réalisasi anu leuwih kongkrit, antukna nepi ka kiwari ogé, Pers Sunda masih kénéh dilimpudan ku suasana pesimistis.

Upama pers nasional jeung pers dunya ibarat anu balap dina perkara téréhna waktu, pas jeung ka-akuratan berita ku ngamangfaatkan teknologi komunikasi, Pers Sunda mah masih sibuk ngurus dapur sorangan; kumaha ngabebenah SDM, ngoméan manajemén jeung mikiran kahirupanana sangkan ulah hirup teu neut paeh henteu hos. Upamana dina KIBS, Duduh Durahman ngadadarkeun kaayaan majalah Mangle anu salawasna henteu eureun medal ti taun 1957, sanajan ngalaman oplah ngurangan ti taun ka taun. Mangle bisa terus hirup ku ngandelkeun para pamaca nu satia. Sanajan di jerona aya iklan, tapi karéréanna mah ukur iklan barter jeung média séjén, atawa iklan taunan, saperti Idul Fitri jeung milangkala hari jadi kota-kota di Jawa Barat. Tong boro mikiran profesionalime jurnalistik, di jero Mangle sorangan masih aya dualisme; maranéhna nu hayang ngajadikeun Mangle minangka majalah hiburan (ngutamakeun karya fiksi) jeung maranéhna nu hayang ngajadikeun Mangle minangka majalah berita (ngutamakan tulisan jurnalistik).

Pasualan intern-ekstern anu ngalantarankeun Pers Sunda ngalanglayung, geus bisa dikira-kira. Keur sakadar malikan deui pikiran heubeul, masalahna téh taya lian kurangnya investasi (modal), manajemén, kurangna kasejahteraan karyawan (nu ngokolakeun Pers Sunda), kurangna SDM (aya gantar kakaitan jeung masalah kasejahteraan), jeung satumpuk perkara séjénna. Iwal ti éta –nginjeum istilah kliseu-- pangaruh transpormasi sosial-budaya jeung penyempitan basa Sunda di kalangan masarakat Sunda, nu ngalantarankeun oplah media cetak basa Sunda jadi noron.

Anéhna, dina kondisi siga kitu, masih kénéh ngarasa reueus, sabab Pers Sunda leuwih maju upama dibandingkeun jeung pers étnis séjén (Mangle, No. 1851), sok sanajan kiwari Pers Sunda geus teu nyunda (Kompas, 23/07/2001). Sigana urang kudu ngarasa éra, atawa sabalikna jadi gedé haté ku ayana naon rupa anu dikedalkeun ku Sakdani Darmopamudjo, pupuhu PWI Cabang Surakarta manten. Nurutkeun anjeunna, pers basa Jawa di Jawa Tengah tinggal panineungan, geus taya deui koran atawa majalah nu medal kalayan ngagunakeun basa Jawa. (di Jawa Timur, medal kénéh majalah basa Jawa; Penyebar Semangat jeung Jayabaya, di Yogyakarta ogé masih medal Joko Lodhang). Béda jeung kaayaan di kalangan masarakat Sunda. Di sagédéngeun basa Sunda, di kalangan keluarga Sunda ogé, majalah Sunda loba kénéh dipajang di rohangan tamu minangka lambang idéntitas jeung kareueus," (Suara Merdeka, 14/02/2002).

Ngumbar Panineungan

Kiwari masarakat Sunda boga dalapan média massa cetak anu ngagunakeun basa Sunda; koran Galura (Grup Pikiran Rakyat, ) Koran Kudjang, Majalah Mangle, Majalah Seni Budaya Swara Cangkurileung, Majalah Cupumanik, koran Giwangkara, koran Mandiri (?), Majalah Suara Daerah (intern PGRI Jabar) jeung Bhinneka Karya Winaya (intern KOPRI Jabar). Suara Daerah jeung Bhinneka Karya Winaya ukur ngagunakeun basa Sunda minangka suplemen.

Keur sakadar ngumbar panineungan, urang Sunda kungsi boga 36 média basa Sunda (Derap Pembangunan Pers di Jawa Barat, BPPP, 1987). Dua di antarana koran basa Sunda anu medal unggal poé: Sinar Pasoendan (1933-1942) jeung Sipatahoenan (1924-1942 di Tasikmalaya jeung 1969-1985 di Bandung). Demi Majalah Sunda anu pangkolotna nyaéta Parahiangan (1919), anu dipedalkeun ku Balai Poestaka Jakarta, asuhan M.A. Salmoen jeung R. Satjadibrata. Hanjakal pisan, koran jeung majalah éta, hiji-hiji nungtutan pareum. Ari cukang lantaranna téh perkara modal jeung robahna hawa politik. Kudjang (1956), Mangle (1957), Swara Cangkurileung (1970) minangka média basa Sunda pangkolotna, nu masih medal tug nepi ka kiwari, sok sanajan dibarengan ku kabasajanana.

Harita, Pers Sunda bisa dijieun pacabakan ku para karyawanna. Ku ayana oplah nu loba, gajih karyawan ogé bisa kaperhatikeun. Oplah Mangle ogé kungsi nepi ka nincak angka 90.000 eksemplar, tapi perlu ditaliti deui, naha oplah anu kacida lobana téh lantaran tulisan jurnalistik-na atawa lantaran Mangle minangka majalah hiburan nu loba ngamuat karya fiksi.

Nasib pers Sunda beuki surem waé, lantaran ampir taya deui nu bisa dirarasakeun kanikmatan masarakat, ku ayana média basa Sunda. Pers Sunda monoton pisan, konvensional, henteu aya daya tarik keur nu meuli. Apan masarakat urang geus kabéngbat ku berita nu sarwa téréh, nu bisa kapanggih dina tayangan télévisi bari teu kudu mayar biaya langganan. Sok sanajan masih aya nu ngalanggan koran/majalah Sunda, kawasna lantaran rasa kacintaan maranéhna kana basa Sunda, atawa ukur némbongkeun kanyaahna.

Tulisan jurnalistik dina pers Sunda malah beuki henteu tokcér, sabab henteu karasa guligahna. Sanajan aya tulisan anu rada nyérémpét kana feature, leuwih ngadeukeutan gambaran profil tokoh anu dibarung ku sagala kasuciannana; préstasi para pajabat atawa biografi instansi pamaréntah ti nu panghandapna nepi ka pangluhurna (disundakeun tina: Pantau No. 023, Maret 2002). Demi tulisan-tulisan anu kritis, henteu nyosok jero , anu antukna karasa hambar. Padahal para jurnalis Sunda geus dibibita ku Hadiah Sastra Jurnalitik Moh. Koerdi ti Paguyuban Pasundan. Puguh baé, hal ieu dilantarankeun SDM anu kurang profesional, pakaitna jeung teu mampuhna pangusaha Pers Sunda pikeun mayar gajih anu cukup. Rék kumaha para jurnalis Sunda bisa nyioeun tulisan nu berbobot, upma di sisi séjén manéhna kudu boga profesi ganda pikeun nyumponan kabutuhan hirupna; jadi montir alat elektronik, makelar, tukang kiridit, atawa usaha séjénna (disundakeun: Duduh Durahman, Makalah KIBS).

Perkara saperti kitu, mindeng pisan dikedalkeun ku para inohong jeung pamikir Sunda. Salian ti KIBS jeung KBS, Pers Sunda kungsi dipadungdengkeun dina Pelatihan Jurnalistik Sunda (1997), Kerja Latihan Wartawan (2000) jeung Semiloka Pers Daerah (2001). Hanjakal piosan, anu jadi pamilonna éta-éta kénéh, ampir euweuh padungdengan nu ramé. Najan aya ideu-ideu hadé, tapi can kungsi aya lajuning laku-na. Sanggeus diskusi bubar, gagasan jeung ideu-ideu-na ogé milu bubar, anu antukna pikiran ngeunaan pers Sunda ukur jadi sabangsaning seremonial dina acara-acara resmi. Nurutkeun Dédy Djamaludin Malik, ketua STIKOM Bandung, aya problém komunikasi nu ngalantarankeun mundurna pers Sunda. Kiwari pers Sunda tacan bisa ngarampa kabutuhan masarakat, ukur sawates nuturkeun kahayang rédakturna (Disundakeun: Kompas, 16/07/2001). Enya, naon atuh kabutuhan masarakat Sunda téh?

Nginjeum istilah Tempo, hiji média massa cetak kudu ngeunah dibacana jeung perelu. Pon kitu deui Pers Sunda. Upama masarakat boga anggapan basa jurnalistik Sunda kiwari hésé dihartikeun, bulat-beulit teuing atawa ukur ngulinkeun kekecapan, atuh puguh antusias atawa sumanget keur macana ogé jadi kurang. Komo deui lamun dikiruhan ku kecap "henteu perelu". Upama harga BBM naék misalna, Pers Sunda milu latah milu ngamuat berita anu geus béak dibéréndélkeun ku pers basa Indonesia. Padahal sigana di Tatar Sunda ogé masih kénéh aya pakampungan "anti" BBM jeung listrik, ngagunakeun suluh keur ngasakan, ngagunakeun minyak kaliki keur nyaangan. Tah, naha berita éta can kungsi ditoél? Jawabanana balik deui kana masalah heubeul: SDM jeung kasejahteraan.

Tangtangan séjénna nyaéta teknologi komunikasi. Upama berita bisa dikirim sajorélat, kalangan pers Sunda aya kénéh nu masih ngagunakan perangko keur ngirim berita. Konvensional, kanyataan. Gagap teknologi mémang kaalaman ku sababaraha kalangan, pangpangna kolot urang nu geus henteu sempet deui diajar nu "gitu-gituan". Koran Galura bisa disebut pangunggulna. Di sagédéngeun édisi cetak, Galura ngamangfaatkeun média cyber. Sok geura nganjang ka www.galura.com. Tulisan jurnalistik basa Sunda bisa ditingali atawa di-download di dinya. Teu lila, Majalah Mangle nuturkeun Galura, tapi umurna teu lila, da ayeuna geus leungit tanpa lebih ilang tanpa karana di dunya maya. Anu nagen téh www.cupumanik.com.

Ré-generasi

Nilik kompleks-na perkara pers Sunda, jorojoy aya pananya dina jeroning haté: Naha pers Sunda masih kénéh bisa disalametkeun? Hésé pisan ngabayangkeun kondisina 30 taun nu baris datang. Upama kolot urang nu salila ieu satia majang di rohangan tamu, koran/majalah Sunda minangka kareueus, dina hiji mangsa miheulaan ngantunkeun, rék saha nu ngalanggan pers Sunda satuluyna? Jeung upama para redaktur kahot geus pangsiun, saha nu bakal ngokolakeun pers Sunda?

Kabéhdieunakeun beuki kapikir, perkara regenerasi téh minangka bagéan anu pangpentingna dina ngalestarikeun kahirupan pers Sunda sangkan hirupna leuwih panjang. Kilang kitu, ngalahirkeun ré-generasi Pers Sunda, lain pikiran anu anyar, tapi nepi ka kiwari pamanggih éta téh, ukur jadi pangeusi sirah jalma-jalma tukang malikir. Taya guam nu nyata pikeun nyiptakeun generasi anyar. Basa Pers Sunda dipadungdengkeun dina KIBS jeung KBS, méh taya generasi anyar nu kataji—salian ti kalangan pers Sunda éta sorangan. Naha hal ieu téh lantaran sikep otoriter kolot-kolot urang nu nganggap generasi anyar sarwa héngkér dina ngokolakeun Pers Sunda, kaasup dina ngagunakeun basa Sunda?

Di Jawa Barat, aya ratusan, malah boa rébuan mahasiswa nu neuleuman jurnalisme. Sabaraha urang di antara maranéhna nu apal kana sejarah Pers Sunda, atawa kahudang pikeun ancrub kana Pers Sunda? Pasti jumlahna saeutik pisan. Sanajan aya sawatara mahasiswa nu ngayakeun job training di paimahan Pers Sunda, ampir taya nu kataji pikeun tuluy neuleumanana. Maranéhna ukur nganggap Pers Sunda minangka tempat eksperimen. Malah salila ieu nu ngokolakeun Pers Sunda ogé, loba ti kalangan pangarang nu alih pacabakan jadi wartawan.

Upama Pers Sunda bisa ngarangkul maranéhna, ngahudang kareueusna kana Pers Sunda, aya sababaraha mangfaat anu bisa kapanggih. Kahiji, maranéhna leuwih apal kahayang generasi ngora sacara umum, antukna Pers Sunda apal kana médan nu bakal disorangna isuk jaganing géto. Kadua, idealisme maranéhna kaitung kuat, anu antukna –keur saheulaanan-- kasejahteraan bisa jadi nomer dua. Katilu, kanyahona ngeunaan bidang séjén nu aya patalina jeung pers, contona dunya cyber, desain grafis jeung sajabana, bisa ngarojong kamajuan Pers Sunda di mangsa nu baris datang.

Puguh waé lain hartina Pers Sunda kudu diformat sakumaha kahayang generasi ngora. Tapi tarékah pikeun ngahudang rasa kataji maranéhna, misalna ku ngayakeun Lomba Nulis Artikel Pers Sunda, Ngawanohkeun pers Sunda di paguron Luhur jeung sakolaaan, bisa ngadatangkeun suasana anyar. Maranéhna ogé kuduna dibéré kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu disengker ku aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baé maranéhna ngagunakeun basa Sunda saayana, sanajan henteu "nyunda", batan henteu pisan. Mémang jalma-jalma nu arogan jeung nganggap basa Sunda maranéhna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarékah minangka awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku basa Sunda, diperelukeun hiji proses, jeung tangtuna urang kudu leuwih ngarti jeung apal kana dunya maranéhna. Ku ayana kitu, Héy…dulur-dulur generasi ngora, hayu wang gunakankeun basa Sunda nu maranéh bisa. Isuk jaganing géto, maranéh bakal apal basa Sunda nu alus jeung nu bener, sakumaha maranéh ngarti kana basa-basa séjén!

Sakali deui, kalangkang Otonomi Daérah jeung diberlakukeunana Perda Jabar No. 5 tahun 2003, muga baé bisa ngoméan nasib Pers Sunda, pon kitu deui ngeunaan ré-generasi. Lamun tarékah ieu geus dipecakan, tapi masih kénéh taya hasilna, urang masih kénéh bisa reueus, sabab geus kungsi ihtiar. Apan nu wajibna mah ihtiar, lin? Sanajan pamustunganana pers jeung sastra Sunda kudu dikurebkeun, tapi maotna bakal khusnul khotimah, arwahna pasti tengtrem di alam ditu, jeung kahirupanana bakal dipikatineung minangka bagéan tina paradaban manusa.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 00:56

Puan Maharani: “Tim Suksés Jokowi Moal Kapancing Kampanye Hitam”

(SundaNews, Jakarta) Sanajan ngaku diserang  ku kampanye hitam, tim suksés Jokowi-Jusuf Kalla (JK) nyebutkeun...
SN

Kemis, 22 Méi 2014 04:42

DPRD Kota Bandung Bakal Ngawal Perda Penanaman Modal PDAM

(SundaNews, Bandung) DPRD Kota Bandung, anu dikomandoan ku Ketua Panitia khusus (Pansus) II, Eko Sesotyo SE, terus ngawal...