Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPangajaran Basa SundaKemis, 12 Juli 2012 18:02

Wawangsalan

Ku Ajip Rosidi

Ku Ajip Rosidi

Wawangsalan téh salah sahiji kamonésan dina basa Sunda, nyebut maksud nu saenyana sacara henteu langsung, tapi ku jalan nataan hiji barang atawa kecap anu murwakanti jeung maksud nu saenyana téa. Upamana maksud anu saenyana rék nyebut hiji jalma henteu meunang dipikameumeut, henteu nyebut kecap "meumeut" atawa "dipikameumeut", tapi jiga anu tatarucingan nyebut ngaran sato anu sorana murwakanti jeung kecap "meumeut" atawa "dipikameumeut" sacara henteu langsung. Nu matak wawangsalanana jadi:

Henteu beunang dihurang sawah / Henteu beunang dipikameumeut

Sabab anu disebut "hurang sawah" téh simeut, duméh simeut di sawatara daérah mah sok didalahar cara hurang. Kecap "simeut" apan murwakanti jeung kecap "meumeut" atawa "dipikameumeut".

Lamun anu dipimaksud rék nyindiran lalaki anu ngahéroan mojang, kecap "héro" henteu disebut, tapi nyebut sato anu ngaranna murwakanti jeung kecap "héro". Jadi wawangsalanana kieu unina

Paingan sok pulang-anting ka dinya, da aya nu dianjing cai

Nu dimaksud ku anjing cai téh "séro" nu sok néwakan lauk di balong, apan sorana murwakanti jeung "héro".

Jadi saenyana wawangsalan téh sabangsa tatarucingan, anu tuluy jadi ungkara anu maneuh pikeun nepikeun maksud sacara henteu langsung, jadi kabeungharan idiom basa. Ieu sawatara contona deui

Teu beunang disupadulang, teu beunang dibébénjokeun (nu dimaksud ku supa dulang téh "kéjo", ari "kejo murwakanti jeung kecap "bébénjo");

Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (nu dimaksud ku péso pangot ninggang lontar téh "nulis" da baheula mah nulis téh dina daun lontar ari parabot nulisna péso pangot. Kecap "nulis" apan murwakanti jung kecap "katuliskeun".

Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting (nu dimaksud ku nyiruan genténg cangkéngna téh "papanting" anu murwakanti jeung kecap "pulang anting";

Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (nu dimaksud ku buah kawung téh "caruluk" anu murwakanti jeung kecap "nyuruluk" cipanon);

Sieun teu kauntun tipung, sieun teu laksana (nu dimaksud ku untun tipung téh "laksa" anu dijieunna tina tipung béas sarta murwakanti jeung kecap "laksana").

*

Baheula mah dina waktu urang Sunda masih homogén sarta masih kabeungkeut dina hiji budaya anu sarupa, wawangsalan téh jadi kacapangan saréréa. Lamun ngadéngé atawa maca kalimah anu mangrupa wawangsalan langsung ngalartieun. Jumlahna henteu sabaraha, da wawangsalan mah henteu produktif cara sisindiran, paling ogé saratus dua ratus kabéhna téh, jadi matak henteu hésé ngapalkeunana. Tapi sabada pakumbuhan urang Sunda jadi héterogén jeung henteu ngahiji deui dina lingkungan budaya anu sarupa, anu sok ngagunakeun wawangsalan téh beuki ngurangan, sabab lamun aya nu ngagunakeun wawangsalan tacan tangtu nu ngabandungan atawa nu macana ngalartieun kana maksudna. Wawangsalan minangka kamonésan basa henteu jadi milik sakabéh urang Sunda. Tur jumlah anu ngarti jeung anu resepeunana beuki lila beuki kurang baé jumlahna.

Saenyana wawangsalan téh lain kamonésan Sunda pituin, da sanajan dina sawatara carita pantun anu kacatet ku C.M. Pleijte aya nu ngagunakeun wawangsalan, tapi dina naskah-naskah Sunda Kuna mah wawangsalan henteu kapanggih. Hartina wawangsalan ayana dina basa Sunda kakara béh dieu, da carita pantun anu dikumpulkeun catetanan ku Pleijte kakara dina ahir abad ka-19 jeung awal abad ka-20.

Dina basa Jawa, wawangsalan téh disebutna "wangsalan". Dina Kamus Jawa Kuna Indonesia anu disusun ku P.J. Zoetmulder hasil gawé bareng jeung S.O. Robson (Gramédia Pustaka Utama, Jakarta, cet. IV, 2004), kecap "wangsalan" henteu aya. Kitu deui dina Kamus Jawa Kuna-Indonesia susunan L. Mardiwarsito (Nusa Indah, Éndéh). Dina Kamus Praktis Jawa-Indonesia susunan Pardi Suratno spk (IQ Wacana, Yogyakarta, 2004), kecap "wangsalan" diterangkeun kieu: "rangkaian kata berisi tebakan yang disertakan (contoh: jenang sela, apuranen lepat kula)."

Sanajan henteu tétéla naon anu dimaksud ku katerangan "tebakan yang disertakan", tapi ku ayana kecap "tebakan" (= teka-teki) nuduhkeun yén maksudna mah "wangsalan" téh sabangsa tebakan atawa teka-teki alias tatarucingan.

Masih kudu dipaluruh, saha heula anu ngagunakeun "wawangsalan" atawa "wangsalan" téh urang Sunda dina basa Sunda atawa urang Jawa dina basa Jawa? Pikeun maluruh hal éta urang kudu mariksa sakabéh naskah-naskah anu aya boh dina basa Sunda boh dina basa Jawa. Tapi ku sabab kanyataan sajarah nuduhkeun yén leuwih réa budaya Jawa anu mangaruhan budaya Sunda manan sabalikna (ma'lum urang Sunda anu kungsi dijajah ku Jawa, henteu sabalikna), jigana moal kaliru lamun saheulaanan ditarima anggapan yén "wawangsalan" téh pangaruh tina "wangsalan" dina basa Jawa.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...