Bagikeun ka Lapak Facebook

Ukur BanyolHeuheuy DeuhSenén, 20 Agustus 2012 00:54

Nyiar Pendamping Mudik

Ku Dhipa Galuh Purba
SN
“Ema…Uing rék dilamar ku Néng Sasa…!” [Potret: M. Zaen/ SundaMidang]

 

RËK mudik ogé rada mandeg-mayong, da aya nu ngaganjel dina pikiranana. Lain perkara ongkos atawa babawaan, tapi Jang Tohél téh weléh can boga pamajikan baé. Mangkaning urang lembur mah, anu sok pangheulana ditanyakeun téh lain urusan maké kandaraan naon atawa mawa duit sabaraha. Sasarina anu ditalék téh: “Jeung kulawarga mudik téh?” atawa “Geus boga bati sabaraha hiji?” atawa “Ka urang mana pamajikan téh?”

Tilu pananya éta, moal aya nu bisa kajawab hiji-hiji acan ku Jang Tohél. Dina umur anu méh nincak 40 taun, tacan kungsi boga kabogoh-kabogoh acan. Teuing euweuh anu dipikabogoh atawa bisa jadi euweuh nu bogoheun. Jang Tohél, budak cikal ti ti dalapanwelas sadulur.

            Kungsi éta ogé ngayakeun “diskusi terbatas” jeung Aki Amanta. Tapi nya kitu téa, siga sasarina Aki Amanta mah ukur méré palakiah ku rumus 3 N. N anu kahiji nyaéta ‘Néangan’ Tangtu néangan wanoja anu dipikabogohna, boh ka pasar, ka tempat lalajo, ka mal, ka pangajian, atawa ka mana baé anu sakira-kirana bakal manggih wanoja.

            N anu kahiji geus dilakonan ku Jang Tohél. Cenah mah sabada néangan téh, langsung baé manggih anu dipakabohoh. Malah ngaranana ogé dimimitian ku hurup N, taya lian Néng Nurina, anu kapeto béntangna grup JURNAL, patandang API 3 ti tatar Sunda.  

            “Jadi, pun uing téh bogoh ka Néng Nurina JURNAL…” pokna Jang Tohél.

            “Hadé silaing geus boga pamilih. Tinggal, jalankeun N anu kadua, nyaéta Nanya. Tanya ku silaing, Si Nyai Nurina téh bogoh atawa henteu ka silaing?”

            Teu kalékéd, harita kénéh Jang Tohél maluruh Nurina. Barang srog amprok, langsung baé ditanya.

            “Néng, bogoh teu ka abdi?” kitu pananya Jang Tohél. Puguh baé sakedapan mah Nurina kalah ngahuleng bari neuteup anteb ka Jang Tohél.

            Pinanggih jeung pangalaman sarupa kitu, Jang Tohél buru-buru laporan ka Aki Amanta.

            “Kumaha, enggeus nanya téh?”

            “Atos, Ki. Tapi, henteu diwaler…” témbal Jang Tohél.

            “Oh… ana kitu mah silaing kudu ngalakonan N anu katilu, minangka jurus pamungkas!”

            “Naon téa, Ki?”

            “Ngeunteung siah!”

            Teu loba catur deui, Jang Tohél ngajéngkat pundung, teu hayang nepungan deui Ki Amanta. Mangkaning manéhna geus boborot, da sakali ngamplopan ka Aki Amanta téh méh satengahna gajih. Ari hasilna? Kalah nitah ngalakonan ‘ngeunteung’.

            Si Among turun tangan (omat, sanés lungsur panangan atanapi ngalungsurkeun panangan). Pangna pipilueun téh, Si Among ngarasa watir nyaksian nasib Jang Tohél anu geus tarik hayang boga pamajikan, hayang bulan madu bari mudik ka lemburna.

            Si Among geus ngabéwarakeun spéker masigit, bisi aya wanoja anu kataji ku Jang Tohél, bisa langsung baé daptar ka imahna Jang Tohél. Pendaptaran gratis pisan! Tapi omat teu dimeunangkeun nyogok ku duit atawa barang mangrupa naon baé, jeung henteu diayakeun sabangsaning susuratan. Saleuir-leuirna tanggal dalapan likur, ngarah bisa dikawinkeun saméméh lebaran. Lamaran ditulis ku leungeun (Bisa maké mesin ketik, komputer, atawa langsung ngagunakeun pulpén, asal ngagunakeun leungeun wé) dina keretas polio, kalayan ngalampirkeun pas poto 4X6, jeung poto kopi KTP atawa idéntitas séjénna.

             “Na, kawas rék daptar jadi PNS baé. Cacakan késting sinétron ogé, asa henteu kitu-kitu teuing,” Nyi Onah mah kacida jejebrisna, basa ngadéngé perkara éta téh.

            “Leuheung basa mun kasép Si Tohél téh!” Néng Enung ogé mairan.

                        “Sing dibéré duit sajuta ogé, teu hararayang teuing bogoh ka Jang Tohél,” ceuk Nyi Tarsih.

            “Kumaha mun dua juta?”

            “Euh, teuing atuh, can kapikiran,” témbalna semu asa-asa. Mangkaning tibaheula hayang boga radio anu dua ban can kungsi kabeuli, kakara boga ban-na wungkul, urut ban luar motor Si Béyong.

            Paralun. Nepi ka ayeuna ogé, tacan aya hiji-hiji acan, wanoja anu ngahajakeun daptar ka imahna Jang Tohél. Ngalantarankeun Jang Tohél beuki hanjelu baé. Sapopoéna ukur huleng-jentul di para, bari nyambat ngaran Néng Nurina JURNAL, teu poho ngirim SMS ka 6288, anu unina: API_JURNAL.

“Nurina, oh Néng Nurina… Aku Nikah ka Anta (kuduna mah Anti, da ka awéwé, tapi ngudag murwakanti jadi kapaksa  nyebut Anta, dgp),” Jang Tohél beuki sasar.

“Sing sabar baé, Kasép…” indungna ngabeberah.

“Nu bener atuh Ma? Ari pun uing téh  kasép atawa henteu? Lamun pun uing kasép, naha atuh Néng Nurina henteu ngajawab pananya pun uing?”

“Nya, ayeuna mah sing loba ngadunga wé. Apan urang téh rék nyorang Idul Fitri. Sugan jeung sugan, lebaran taun ayeuna mah hidep téh bisa ngabodor, ngarah aya bekel keur ngadeukeutan Néng Nurina. Maklum atuh, hayang ka juara komédi mah, wayahna kudu pinter bisa ngabodor…” pokna deui, bari ngusapan buuk Jang Tohél.

“Sanés perkara ngabodor, Ma. Nu penting mah waragad keur ngalamarna baé jaman ayeuna mah…”

“Is, pilakadar duit keur ngalamar mah, da teu kudu leuleuweungan atuh,”

“Oh, janten ayeuna mah tos aya, artos kanggo bekel ngalamar téh?”

“Euh… nyéta acan puguh,” indung jang Tohél rada reuwas.

“Apan tadi saur ema, teu kedah leuleuweungan artos sakitu mah?”

“Maksud ema téh, teu kudu leuleuweungan sotéh, da ayeuna mah mémang leuweungna ogé geus euweuh. Apan béak dibukbak jeung didurukan téa.”

*

Tara ti sasarina, basa tadi subuh, Jang Tohél ngahajakeun solat berjamaah di tajug Ustad Otong. Teuing kumaha mimitina, nyorang bulan puasa ayeuna mah, kalakuan Jang Tohél ngadadak robah saratus darajat. Malah ti poé mangkukna ogé, Jang Tohél mah geus ngalalanyahan puasa, tarawéh, jeung tadarusan. Dina perkara tarawéhan mah, Ustad Otong rada baluweng mikiranana. Ari rék diomongkeun, sok inggis nyigeung haténa. Béda jeung batur pokona mah, tur rada minculak. Moal diécéskeun kaminculakanana mah, da moal ngaganggu kana carita ieuh. Pokona mah minculak baé! Ari rék diantepkeun, piraku teuing deuih.

Pikeun ngajaga omongan balaréa, antukna Ustad Otong boga niat nyalukan Jang Tohél. Ngarah teu pati nyirikeun teuing, Ustad Otong nitah budakna anu bungsu, Néng Sasa. Teu miceunan waktu deui, harita kénéh ogé Néng Sasa ngajugjug imahna Jang Tohél.

Bras ka pakarangan imah Jang Tohél. Teu kanyahoan ti mana datangna, Si Among ngagajleng bari metot leungeun Néng Sas.

“Néng Sasa, ulah luluasan! Abdi ogé kersa ka Enéng téh. Teu kedah nganggo daptar-daptaran sagala rupi!” pokna Si Among.

“Kunaon kitu, Kang Among?” Néng Sasa kerung.

“Su…sumuhun. Ulah daptar janten istrina Jang Tohél. Abdi mah terang modalna, Néng.” Si Among rada aga-eugeu. Néng Sasa teu nembalan. Kalah nuluykeun léngkahna, muru ka hareupeun panto imah Jang Tohél.

            Blak, panto muka, burudul adi-adina Jang Tohél kaluar. Si Ucrit, Si Mincreung, jeung sapuluh urang adi anu séjénna. Leuheung basa lamun teu réang. Da ieu mah mani siga ngabagéakeun grup musik Peterpan baé baé. Dituturkeun ku sora Jang Tohél anu ngajorowok tarik naker. Indungna ogé kawas nu embung éléh, ceuceuleuweungan satakerna.

            “Ema…Uing rék dilamar ku Néng Sasa…!” kitu ceuk Jang Tohél.

            “Ma, Si Aa rék kawiiiin…! Ma Si Aa hébaaaat!”

            “Sok atuh, geura calukan na’ibna…! Ayeuna kénéh urang kawinkeun!”

            “Ma, ari keur puasa, meunang kawin?”

            “Nya meunang atuh. Da étana mah peuting ieuh, lin…”

            “Nuhun, Gusti. Jadi lebaran téh, ana kieu mah.”

            Si Among molohok mata simeuteun. Néng Sasa ogé taya bedana, kalah ngembang kadu di lawang anto. Teuing pédah barieukeun, nyaksian adi-adina Jang Tohél, anu ngawur-ngawurkeun kembang malati.***

 

 

Dimuat di Majalah Sunda Midang

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...