Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaPulitikSenén, 14 Januari 2013 20:34

Ditalingakeun ku Komandan Satuan

Dina Pilgup Jabar, Daérah Militér III Siliwangi Kudu Nétral

Ku Amra Iska
SN
Pangdam III Siliwangi, Mayor Jenderal TNI Sonny Widjaja. [Potret: mobile.seruu.com]

(SundaNews, Bandung) Pamilihan Gupernur Jawa Barat kari ngitung poé. Unggal calon geus pakepuk sumebar ka unggal sikluk enggoning mangaruhan calon pamilih. Lain baé ngadeukeutan masarakat biasa, dalah pajabat publik gé sarua dideuheusan. Pikeun nyinglar calon Gupernur nu luha-loho ka “kandangna”, Panglima Daérah Militér III Siliwangi, Mayor Jénderal TNI Sonny Widjaja, meupeujeuhan ka anak buahna sangka ngajaga kanétralan pasukanana.

“Sim Kuring meupeujeuhan sakumna anggota, teu diiwal-iwal, ulah aya sikep mihak atawa ngadukung salah sahiji calon, boh dina pilprés boh pilgup sareng pilkada di daérah. Ieu téh luyu sareng nu kaunggel dina sumpah prajurit TNI sareng buku saku TNI nu dipibanda ku tiap-tiap anggota TNI,” cék Sonny dina silaturrahim jeung média di Aula Makodam III Siliwangi, Senén (14/1/2013).

Nu dimaksud ulah ngadukung ku Sonny téh lain baé sual sora, tapi perkara maké fasilitas jeung asét TNI pikeun kapentingan pulitik deuih. Pikeun nalingakeunana, sok bisi aya anggotana nu baha, kalayan teges Sonny maréntahkeun Komandan Satuan di jajaran Kodam III Siliwangi. “Pami kapendak salah sawios prajurit nu ngadukung salah sahiji pasangan, tanwandé aya tindakan ka manéhna. Hukuman sareng drafna bakal disiapkeun di Detasemén Militér (Denpon),” cénah.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Ahad, 24 Maret 2013 00:06

    rian rismawan

    Sae pisan kanggo ngamumule budaya sunda ,pantes pisan upami pak dedi janteun mentri kebudayaan.dirojong pisan ku sim kuring Urang Ciamis nu ngumbara di Purwakarta.cag...
  • Rebo, 20 Maret 2013 20:39

    Kunkuntekun

    ...
  • Jumaah, 08 Maret 2013 17:32

    aby syihab

    teu kudu diasupkeun kana kurikulum nasional, asupkeun kana muatan lokal saperti biasa, nu ngarojong atawa boga hajatna pamarentah daerah. Da otda teh lain ngan saukur masalah ekonomi wilayah jeung sajabana, tapi basa, seni tur budaya...
  • Senén, 04 Maret 2013 08:27

    dedi supriadi

    Punten nyuhunkeun alamat kantor bamus sunda jawa barat, no hp pangurusna. aya rencana pikeun ngsdegkeun Bamus Sunda di Kota...
  • Senén, 25 Fébruari 2013 09:46

    wulan adjah

    sae pisan pagekara na , hoyong nonton deui .... ...
  • Senén, 25 Fébruari 2013 09:41

    MULYANI

    PAGELARAN NA SAE PUSAN HOYONG NONTON DEUI...
  • Kemis, 21 Fébruari 2013 14:53

    Deni Riaddy

    Mun tea mah pangawasa sadar dirina urang daerah, nu kudu mulasara jeung ngamajukeun basa daerahna, turta dirojong ku unang-unang sigana moal aya nu demo. Pan ieu mah pamarentah nu ngurusanan basa daerahna ge teu lilir-lilir acan. Kalah tibra. Ti taun 2009 teh asa can kareungeu aya gebrakan nanaon. Atung-atung eneh ae... kurikulum teh sajajar we jeung juklak keur nu di lapangan atuh. Jadi wajib...
  • Senén, 18 Fébruari 2013 20:53

    Silmi aghnia khaerunnia

    aneh nya euy :D...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Kemis, 16 Méi 2013 07:01

Gupernur Jabar nu Anyar Rék Diistrénan, Pulisi Geus Tatan-Tatan

(SundaNews, Bandung) Kurang ti sabulan deui Gupernur-Wakil Gupernur Jabar anyar, nyatana pasangan Ahmad...
SN

Rebo, 15 Méi 2013 18:01

Domba Garut Sabudeureun Gunung Papandayan Tacan Diévakuasi

(SundaNews, Garut) Tug nepi ka danget ieu, peternak Domba Garut di sabudeureun Gunung Papandayan tacan narima sosialisasi jalur...
SN

Rebo, 15 Méi 2013 17:26

KPU Kota Bandung Netepkeun Jumlah DPT Pikeun Pilwalkot

(SundaNews, Bandung) Daftar Pemilih Tetap (DPT) pikeun Pilwalkot Bandung geus jinek. Komisi Pemilihan Umum (KPU) Kota Bandung...
SN

Rebo, 15 Méi 2013 07:18

Ngarebut Leuweung Kota Babakan Siliwangi

(SundaNews, Bandung) Paguyuban Pasundan, minangka organisasi kasundaan nu geus umuran, ngarasa taak ku sikep pamaréntah...
SN

Salasa, 14 Méi 2013 21:07

Demi Kaamanan, Pulisi Ngajaga Kamar Mayit SL

(SundaNews, Bandung) Layon SL, nu ngalungkeun bom ka pos pulisi lalu lintas di Tasikmalaya, dibawa ka Rumah Sakit Sartika Asih,...