Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaPulitikJumaah, 18 Januari 2013 06:45

Linmas sa-Kabupatén Kuningan Siap Ngamankeun Pilgup Jabar

Ku Tirta Jaka
SN
Kabid Linmas Kesbang Linmas Kabupatén Kuningan, Yunus Suparman. [Potret: Tirta Jaka]

(SundaNews, Kuningan) Hajat démokrasi tingkat Provinsi Jawa Barat kari sabulan deui—leuwih saeutik, nyatana ping 24 Fébruari 2013. Dina mapag Pilgup, sajumlahing anggota perlindungan masyarakat (Linmas) di saban désa sa-Kabupatén Kuningan, siap ilubiung enggoning ngamankeun lumangsungna pamilihan pamingpin Jawa Barat.

Saéstuna, pikeun Pilgup nu bakal datang mah moal aya pangamanan langsung (Pamsung). Najan kitu, sumanget Linmas mah teu gedag saeutik-eutik acan, tetep rék ngamankeun Pilgup sabab masih kénéh nampa kapercayaan.

“Ayeuna mah teu aya pamsung, mung tos seueur anggota linmas nu tos siap ngamankeun di KPPS," ceuk Yunus, ka SundaNews, Kemis (17/1/2013). Yunus téh Kapala Bidang Perlindungan Masyarakat Badan Kesatuan Bangsa Perlindungan Masyarakat (Kesbang-Linmas) Kabupatén Kuningan.

Ku kituna, dina harepan Yunus mah Komisi Pemilihan Umum (KPU) téh leuwih ngutamakeun anggota Linmas enggoning aub dina kalumangsungan Pilgup Jawa Barat. Sabab, anggota Linmas téh geus jejem kalatih dina perkara ngamankeun kaayaan di masarakat.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Ahad, 24 Maret 2013 00:06

    rian rismawan

    Sae pisan kanggo ngamumule budaya sunda ,pantes pisan upami pak dedi janteun mentri kebudayaan.dirojong pisan ku sim kuring Urang Ciamis nu ngumbara di Purwakarta.cag...
  • Rebo, 20 Maret 2013 20:39

    Kunkuntekun

    ...
  • Jumaah, 08 Maret 2013 17:32

    aby syihab

    teu kudu diasupkeun kana kurikulum nasional, asupkeun kana muatan lokal saperti biasa, nu ngarojong atawa boga hajatna pamarentah daerah. Da otda teh lain ngan saukur masalah ekonomi wilayah jeung sajabana, tapi basa, seni tur budaya...
  • Senén, 04 Maret 2013 08:27

    dedi supriadi

    Punten nyuhunkeun alamat kantor bamus sunda jawa barat, no hp pangurusna. aya rencana pikeun ngsdegkeun Bamus Sunda di Kota...
  • Senén, 25 Fébruari 2013 09:46

    wulan adjah

    sae pisan pagekara na , hoyong nonton deui .... ...
  • Senén, 25 Fébruari 2013 09:41

    MULYANI

    PAGELARAN NA SAE PUSAN HOYONG NONTON DEUI...
  • Kemis, 21 Fébruari 2013 14:53

    Deni Riaddy

    Mun tea mah pangawasa sadar dirina urang daerah, nu kudu mulasara jeung ngamajukeun basa daerahna, turta dirojong ku unang-unang sigana moal aya nu demo. Pan ieu mah pamarentah nu ngurusanan basa daerahna ge teu lilir-lilir acan. Kalah tibra. Ti taun 2009 teh asa can kareungeu aya gebrakan nanaon. Atung-atung eneh ae... kurikulum teh sajajar we jeung juklak keur nu di lapangan atuh. Jadi wajib...
  • Senén, 18 Fébruari 2013 20:53

    Silmi aghnia khaerunnia

    aneh nya euy :D...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Ahad, 26 Méi 2013 15:03

Pulisi nu Samagrang ku Laras Panjang Tacan Incah ti RS Sartika Asih

(SundaNews, Bandung) Layon Salim, téroris nu perlaya di Tasikmalaya satutas nyerang pos polisi lalulintas sawatara waktu...
SN

Ahad, 26 Méi 2013 14:45

Najan Kurang Inovasi, Bordél Tasikmalaya Mampuh Nembus Pasar Éropah

(SundaNews, Tasikmalaya) Numutkeun data nu nyampak di pusat distribusi perdagangan nasional nu perenahna di Tanah Abang,...
SN

Saptu, 25 Méi 2013 17:48

Geus Saminggu Dada Rosada Blég nu Tilem

(SundaNews, Bandung) Saprak kajiret kasus korupsi, sarta hantem dikukuntik ku KPK, Dada Rosada beuki hésé...
SN

Saptu, 25 Méi 2013 15:16

Réa Calon Pamilih nu Can Wanoh ka Calon Pamingpinna

(SundaNews, Bandung) Beuki deukeut kana waktuna Pilwalkot Bandung, KPU Kota Bandung mimiti hangkeut ngayakeun sosialisasi ka...
SN

Jumaah, 24 Méi 2013 18:11

Murid SMA, SMK, jeung MA di Kabupatén Bandung Lulus UN Kabéh

(SundaNews, Bandung) Sanggeus ngaliwatan Ujian Nasional (UN), bari jeung réa nu geumpeur gé, barudak SMA jeung nu...